“Shalat Monyet”
Karya : Dr. Roni Nugraha
Karya : Dr. Roni Nugraha
Asa teu karasa, ngumbara di kota kembang teh geuning geus aya 21 tauna. Sok sanajan kitu, ari kana takokak magae, picung, jeung iwung kali mah teu pernah poho da puguh kabeuki ti bubudak. Pon kitu deui, leuweung gangong simagongong masih keneh ngagurat dina ati. Nya ku kituna, nepi ka kiwari asruk-asrukan ka leuweung teu pernah eureun. Reseup atuh da mun ulin ka leuweung teh, tangkal kai badag rajeg malah aya nu geus janggotan sagala, sora manuk recet disada mangsa panon poe meletek ti beh wetan, sora angin nebak tangkal mepende hate. Monyet tinggarajleng silih udag jeung baturna di saluhureun tangkal kai nu jarangkung.
Beu……sakadang monyet teh geuning aya oge nu ngumbara ka kota kembang. Teuing….teuing ti mimiti iraha inyana ngumbara ka kota. Nu jelas mah, sakadang monyet nu ngumbara mah asa jauh beda laku lampahna jeung monyet nu betah nganjrek di leuweung gangong simagongog. Mun ceuk karuhun mah, monyet nu ngumbara ka kota rada nyakola.
Teuing…..teuing di mana sakadang monyet sakolana. Teuing di SD…..teuing di SMP….teuing di SMA. Malah boa-boa aya oge monyet nu sakola S1, S2, S3, ngan ari nu diistrenan jadi professor mah meureun moal aya.
Salah sahiji bukti monyet geus tamat sakola kacida nyatana, meh di tiap lampu stopan, monyet nu geus lulus jeung miboga kompetensi luyu jeung tingkatan sakolana dipintonkeun ku tukang doger. Malah teu saeutik tukang doger nu ngahaja mapay-mapay komplek ngadon mintonkeun “Peserta didikna”.
Lain ukur budak nu resep lalajo doger teh, jajaka, wanoja, kolot, pon kitu deui aki-aki/nini-nini oge raresepeun. Mangsa tukang doger nakolan kendang, barudak dibaturan ku jalma dewasa ngarariung. Motor dicepeng ditumpakan, pacul dipanggul, cetok dipake, ember dijingjing. Jajangkungan tina awi nu biasa jadi kaulinan budak urang lembur ditaekan, terus leumpang jiga budak keur ulin wae. Barudak keprok bari ngalungkeun duit ka tengah pakalangan.
Beuki dieu, komptensi monyet the beuki nambahan wae. Mun teu salah mah ti mimiti awal taun 2014 kaluar undang-undang yen monyet kudu miboga kompetensi shalat. Nya ti harita, meh tiap doger nu aya di stopan sok mawa sajadah jeung kopeah. Sajadah diamparkeun, kopeah dicecebkeun kana sirah ku sakadang monyet nu rek mintonkeun kompetensina dina bab shalat. Mimiti takbir, terus ruku, atahiyat nu dipungkas ku salam pangangeusan.
Saurang nini-nini keprok mangsa monyet uluk salam, “Hebat nya monyet di kota mah geus bisa solat sagala rupa?”
Pamuji si Nini ka sakadang monyet nepi ka kiwari masih keneh nongtoreng dina ceuli. “Bener kitu monyet kota geus barisa shalat?” hiji pasualan euntreup dina uteuk tongo walangtaga. Pikir muter neangan jawaban, kitab karuhun mimiti dibukaan, breh katempo hiji katerangan, “Shalat trh kudu luyu jeung katangtuan kangjeng Nabi, lain saukur gerak jeung babacana wungkul luyu teh. Da ari luyu saukur gerak jeung bacaan mah budak olo leho oge bisaeun, malah sakadang monyet oge bisa ngalaksanakeuna ari ngan saukur geurak awak mah.”
Pikiran ngadadak inget ka si bungsu nu karek umur tilu taun, mangsa euwah-euwah ngalaksanakeun shalat, si bungsu sok nurutan. Dina mangsa inyana shalat jeung lanceukna, katempo gerakan shlatna kacida tapisna, bakaning ku geus “nyunah”, si bungsu mah nguteukeun ramo leungeuna lain saukur curuk, kabeh ramo diutek utek nepika jempolna oge milu ngutek sagala.
“Mangkade….anjeun ulah shalat jiga monyet. Nu dimaksud shalat jiga monyet teh sahlat ngansaukur geurak jeung nuturkeun kabiasaan ramena jalma. Mun jalma biasa shalat munfarid, nya sakadang monyet mah tara shalat berjamaah ka masjid. Pan asa can kacaritakeun aya monyet shalat berjamaah. Monyet nu geus barisa shalat the, shalatna teu weleh munfarid. Mangsa masjid pajejel pinuh di masjid mangsa ngalaksanakeun shalat taraweh, nya sakadang monyet oge datang ka masjid, rame ceunah ari shalat taraweh mah, komo mun dibarengan ered mah “Illa mukaan wa tasdiayat” mun ceuk bahasa Qurana mah.
Leuwih ti eta, sakadang monyet mah sahalatna the tara make rasa kacinta kanu Maha kawasa. Nya atuh wajar solatna kekerepekan dina waktu nu teu lila. Mangsa imam maca surat anu panjang, nya ku sabab shalatna teu make cinta, surat an-Naba oge asa kacida panjangna. Balik shalat tinggereneng ngomongkeun, “Imam jiga kitu mah tong dipake deui.”
Ieu meureun nu jadi bukti shalat teu make rasa cinta teh. Pan mun make rasa cinta mah, rek sakumaha panjang jeung lilana oge asa pendek jeung asa sakeudeung wae. Cobi geura emutan, pan dina mangsa nonton sinetron atawa lalajo maenbal, da kusabab make rasa cinta, sok sanajan lila, ceunah asa teu karasa. Malah mangsa sinetron anggeusan nu ditanggaraan ku kecap “Bersambung,” hate kumejot hayang geura isukan.
Breh deui katempo katerangan, “Diantara ciri shalat monyet teh nyaeta, shlat moal aya asarna dina kahirupan. Sok sanajan monyet ngalaksanakeun shalat, dina mangsa nempo dahareun mah, inyana angger tamak, dahareun dikenyoh, leungeun katuhu jeung kenca malah suku katuhu jeung kencana oge nyepeng pageuh kadaharan bisi aya nu ngarebut sok sanajan baturna barangkeakan oge. Dina mangsa aya monyet nu sejen nyepeng dahareun, sakadang monyet nu ranggem the masih keneh usaha satekah polah sangkan dahareun nu dicepeng ku baturna bisa direbut ku dirina. sok sanjan sakadang monyet geus boga pasangan, beu…..inyana masih keneh neangan bikang lian sok sanajan kudu meuli atawa salingkuh oge. Shalat nu kitu jigana mah nu disebut shalat euweuh atsaran teh.
Syarah kitab karuhun jilid VII
No comments:
Post a Comment